Problema Urang Sunda

Ti mimiti taun tujuhpuluhan, aya parobahan gedé di tatar Sunda. Pausahaan-pausahaan deungeun ngalabring daratang, dituturkeun ku pagawé-pagawéna. Barang-barang ahéng ti luar nagri jadi ceuyah. Proyék-proyék merul. Harga tanah ogé ngarayap naék. Ari keur masyarakat leutik nu teu ngarti pulitik mah nya atoh wé nu aya. Harga tanah nu biasana ukur saratus rébu satumbak, ditawar jadi tilu tikeleun. Atuh sawah, balong, jeung kebon katut tatangkalanana ogé nya dijarualan ku nu bogana. Ari maranéhna tuluy milih nyalingkir ka sisi, néangan nu hargana masih kénéh murah. Duit ladang ngajual tanah téa, ku manéhna ditumpakan jadi motor atawa mobil. Puguh wé jadi asa gaya. Sikep hirup ogé ngadadak robah. Jadi leuwih resep nge-“band” jeung nge-“rock” batan ngacapi suling atawa ngadegung. Teu saladar, yén nu geus dijarualan ku maranéhna téh saenyana mah lain ngan sakadar tanah titinggal ti kolot, tapi éta téh lemah cai. Lemah jeung cai  wariskeuneun ka anak incu urang Sunda.

Teu sawatara lila sanggeus bérés jual beuli, jlug-jleg wéh di dinya téh jaradi real estate jeung industrial estate. Barang gedong-gedong jeung pabrik-pabrik téa geus ngaradeg, manahoréng nu barogana ogé geuning urang deungeun. Nya ti harita mah Bandung téh beuki heurin ku tangtung. Kitu deui kota-kota lianna di sakuliah tatar Sunda. Mun seug dibandingkeun ka taun genep puluhan, ayeuna mah karasana bet jadi leuwih réa urang deungeunna batan urang dinyana pituin.

Kiwari, hamo bisa dipungkir, nasib nu keur karandapan ku urang Sunda téh saeutik ogé henteu matak pikareueuseun. Boh dina kahirupan sosialna, boh dina kahirupan pulitik, ékonomi, nya kitu deui dina kahirupan budayana. Urang Sunda lir anu ngumbara di lemah caina sorangan. Cenah, tujuh puluh persén tanah di Tatar Sunda nu ngapimilikna kiwari geus lain urang Sunda deui. Tina kurang leuwih dua puluh atawa tilu puluh juta urang Sunda, cenah, paling banter ogé ukur aya sajuta atawa dua juta nu kahirupan ékonomina kaitung mapan. Bari, ti antara nu kahirupanana mapan ogé ari nu masih nyésa kénéh rasa kasundaanana mah paling banter ukur raratusan, mun henteu rébuan.

Hal ieu tangtuna ogé lain karana kitu baé, tapi  aya sababna. Éta téh teu aya lian anging dilantarankeun ku urang Sundana sorangan, kalolobaanana geus leungiteun ajén jeung kasadaran kana jatidirina pribadi. Rata-rata urang Sunda, pangpangna entragan barudak ngora, geus teu miboga kareueus jeung kacinta ka bangsana sorangan. Loba nu geus teu maliré deui kana basa jeung budaya karuhunna, nu baheula kungsi dipusti-pusti ku entragan saheulaeunana. Réa urang Sunda nu geus teu miroséa deui kana adat, tatakrama, jeung budaya Sunda. Malah réa anu geus teu ngarti-ngarti acan mun seug diajak nyarita dina basa indungna sorangan. Acan lamun aya hiji paham kaagamaan atawa idéologi pulitik geus nyosok jero dina dirina, maranéhna sok poho, atawa bisa jadi kalawan sadar, ngaleungitkeun rasa duduluran sabangsa jeung salemah cai ka bangsana sorangan, alatan béda pamahaman atawa idéologi téa. Teu kurang-kurang anu téga ngagunasika batur salembur, batur sabangsa, ku lantaran tumut kana paréntah pamingpinna nu meleg-meleg urang deungeun.

Nurutkeun sajarah, biasana leungitna hiji bangsa téh sok dimimitian ku leungitna basa jeung budayana. Ku sabab éta, saupama kaayaan urang Sunda nu sarupa kieu diantep teu dioméan, teu mustahil dina kurun waktu nu moal lila deui ogé, étnis Sunda bakal sirna ukur kari ngaranna. Naha rék téga?

***

%d bloggers like this: