Pluralisme, why not?

Mun seug urang daék pirajeunan nalungtik sajarah ngeunaan ngadeg jeung runtagna bangsa-bangsa, tangtu bakal kapaluruh yén geus teu kawilang réana bangsa-bangsa  nu kungsi kumelendang di ieu dunya. Contona baé, di buana Éropa baheula kungsi aya nu ngaranna bangsa Viking, bangsa Rumawi, bangsa Mésopotamia, anu dina jamanna masing-masing bangsa-bangsa éta kungsi nyorang kajayaan nepi ka bisa ngawasa bangsa-bangsa séjén di sabudeureunana.

Baheula kungsi aya bangsa Romawi nu digdaya

Di Jazirah Arab kungsi aya bangsa ‘Ad jeung bangsa Tsamud nu pohara adidayana. Di buana Amérika kungsi aya bangsa Inca jeung bangsa Aztéc, nu kungsi ngahontal peradaban nu kacida luhurna.

Kiwari, bangsa-bangsa anu tadi disebutan téa téh geuning geus teu aya dikieuna. Malah réa pisan bangsa-bangsa anu baheulana jaya, jaman kiwari geus teu ninggalkeun tapak-tapakna acan, lir anu henteu kungsi gumelar di dunya ieu.

Sabalikna ti nu tadi, loba ogé bangsa anu baheulana teu aya, kiwari malah jadi hiji bangsa nu adidaya. Waktu agama Islam mimiti gelar di dunya, can aya bangsa nu ngaranna Amérika, sabab bangsa ieu kakara aya saprak taun 1776 Maséhi, nya éta sanggeusna sélér-sélér bangsa Éropa nu darumuk di buana Amérika ngémbarkeun kamerdékaanana. Nya kitu deui, saratus taun katukang, di dunya ieu can aya bangsa nu ngaranna Indonésia, sabab bangsa Indonésia kakara aya sanggeusna sélér-sélér bangsa di wilayah Nusantara nu diwakilan ku Jong Ambon, Jong Java, Jong Sumatra, Jong Celebes, Jong Islamiten Bond, Jong Christian Bond, jeung réa-réa deui, dina tanggal 28 Oktober taun 1928 ngayakeun hiji kongrés nu disebut Sumpah Pemuda, yén maranéhna sapuk ngabeungkeut diri jadi hiji bangsa nu ngaranna Indonésia. Tujuh welas taun ti harita, dina tanggal 17 Agustus 1945, bangsa nu kakara lahir ieu tuluy bisa ngawujudkeun kamerdékaanana, ngaleupaskeun diri tina penjajahan bangsa deungeun.

Bangsa-bangsa nu baheula digdaya ayeuna taya dikieuna

Cindekna, sajarah geus némbongkeun, yén di dunya ieu, ti waktu ka waktu bangsa-bangsa salawasna ngadeg jeung runtag. Kacida réana bangsa-bangsa alanyar nu ngaradeg. Tapi ogé teu kurang-kurang bangsa-bangsa nu baheulana jaya, tuluyna runtag sarta ilang musnah ti ieu dunya.

Bangsa-bangsa nu kumaha waé nu ditakdirkeun ngadeg nepi ka bisa ngahontal kamajuan demi kamajuan, sarta bangsa-bangsa nu kumaha waé nu ditakdirkeun ancur   burakrakan nepi ka nyorang kamusnahan, tangtuna penting pisan ku urang pikeun dikaji. Salasahiji hasil tapakuran kuring ngeunaan hal éta, di antarana kieu:

Aya kalana, di lingkungan hiji bangsa tumuwuh adat jeung kabiasaan migawé kaalusan, silihséblok ku kahadéan, nyinglar kagoréngan bari ngupayakeun sangkan sipat-sipat goréng nu nyampak dina dirina bisa leungit saeutik demi saeutik. Dina ngalakonan hirup kumbuh jeung bangsa-bangsa deungeun, maranéhna nyonto adat kabiasaan hadé ti bangsa deungeun téa pikeun diterapkeun jadi adat kabiasaan dirina. Mun ningali kagoréngan deungeun, maranéhna kalawan wijaksana ngajauhan bari méré naséhat ku cara lemes, sangkan sipat-sipat goréng nu nyampak di batur téa téh bisa kaoméan.

Bangsa anu nerapkeun adat kabiasaan saperti kitu beunang dipastikeun ti waktu ka waktu baris ngahontal kamajuan demi kamajuan. Lila-lila, sok sanajan saeutik demi saeutik, sagala kakurangan nu nyampak dina dirina bakal kaoméan, kahadéan-kahadéanana bakal nambahan. Dina ahirna, bangsa nu kieu tangtu bakal jadi hiji bangsa anu harkatna luhur.

One Response to “Pluralisme, why not?”

  1. Remi 26/03/2011 at 12:43 am #

    suara anda masih di butuhkan banyak orang…terimakasih.

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: