Bodor Garing [Kadua]

Jalma Sosial.

Ki Sobat teh kaasup jalma sukses. Hirupna senang, kakayaanana oge matak pikabitaeun. Imahna agreng, mobilna herang. Sok sanajan kitu, ari rasa sosialna mah kacida gedena. Kacinta jeung kanyaahna ka rahayat leutik henteu kudu diragukeun deui. Tekadna oge  hayang bisa ngabantu rahayat nu katalangsara. Ngan hanjakal sok loba distorsi, rasa sosialna mindeng tara nyambung jeung kahayang sarta kabutuh nu diperelukeun ku nu rek ditulungan. Cara dina hiji mangsa, Ki Sobat teh keur nyaba ka luar kota, bari nyetiran sorangan dina mobilna nu mencrang herang kaluaran taun anyar. Barang ngaliwat ka hiji tegalan nu kaliwatan di sisi jalan, ret Ki Sobat teh ningali aya hiji patani keur diuk andeprok sisi tegalan bari bangun langlayeuseun, keur ngagayeman jukut garing. Jorojoy wae hatena ngarasa watir. Reg mobil teh dieureunkeun. Jrut turun,  tuluy nyampeurkeun.

“Keur naon, Mang?” cenah.

“Puguh nuju sasarap, juragan, ngaganjel-ganjel beuteung. Abdi teh tos tilu dinten teu mendak sangu.”

“Emh, karunya teuing. Mangkaning jukutna ge mani geus garing kitu. Rek sasarap mah hayu milu jeung kuring, keur nanahaon ngadaharan jukut garing.”

“Nuhun atuh, juragan. Kumaha pun bojo sareng pun anak di rorompok? Maranehanana oge sami teu acan karereban dahareun”

“Enya, hayu, ajakan. Bawa kabeh.”

Si Patani nu kalaparan teh kacida atohna. Gancangna carita, gura-giru anak jeung pamajikanana diteang, tuluy milu kana mobil Ki Sobat. Derengdeng bae mobil teh dijalankeun deui, balik ka imah.

Sadatangna ka imah ki sobat, Pa Tani jeung anak bojona tea teh teu singna didiukkeun heula di ruang tamu, tapi langsung bae diajakan ka buruan tukang deukeut dapur imahna. “Hayu, ulah asa-asa. Sok, anggap we di imah sorangan.”

“Tuh,” cenah bari nunjuk tegalan jukut nu ngemploh hejo di buruanana. “Di dieu mah jukutna harejo keneh. Pek dalahar sawaregna.”

Kitu, tah. Asa teu nyambung, nya?

***

Diajar ngaji.

Aya budak keur diajar ngaji ku bapana. “Alip, be, te, se, jin,” cenah.

“Lain jin atuh, jim.” Ceuk bapana.

“Jin.” Ceuk si budak teh. Nepi ka tilu kali dibenerkeun, angger bae teu bisaeun nyebut jim.

“Yeuh, tingalikeun lambe Bapa. Jimmm…., tah, dibalemkeun.”

Si budak teh nurutan bapana, lambena dibalemkeun, “Jipppp…” cenah.

“Lain Jip, yeuh tempokeun bapa, Jimmmm.”

“Jipppp.” Si budak teh keukeuh teu bisaeun nyebut jim. Si Bapa teh keuheul, terusna mah nyungkun, “Ulah jip atuh jang, treuk bae sakalian, ambeh gede.”

***

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: