Hiji aki-aki keur nangtung di SPBU, (Ssstt.. ulah geruh tapi nya, eta aki-aki teh padahal kuring keur nyamar), ditanya ku nu keur ngantri rek ngeusi bengsin.
“Ki, terang hartina SPBU?”
“Nyaho lah,” jawab aki-aki bari kuraweud haseum. Maklum keur loba kakeuheul.
“Ari S-na singgetan tina naon?”
“Solar.”
“ari P-na?”
“Premium.”
“Ari B-na naon?”
“Bengsin.”
“Ari U ?”
“Uyup ku sia. Tatanya wae, kawas nu euweuh gawe,” tembal aki-aki bari ngaleos.
hahahaa…aki Dadang lucu…