Tembang Sunda

Tembang Sunda mangrupa salasahiji kasenian urang Sunda nu geus ditarima ku masarakat dunya. Matak reueus. Pangbagé urang Éropa kana tembang Sunda ogé éstu pohara. Lain ngan ukur sakali dua kali Tembang Sunda bisa minton di mancanagara. Méh unggal taun, para panembang Sunda taya towongna ngalanglang buana nyumponan pangulem Panitia Féstival Musik Tradisional, pangpangna di nagara-nagara Éropa. Contona waé Ida Widawati, Ajat Sudrajat, jeung Hery Suheryanto.

Basa pareng ngadongéngkeun lalakon manggung taun 1999 di Norwegia jeung Swedia, Hery Suheryanto mah mani teu sirikna carindakdak bakat ku kagagas, inget kana pangbagé anu sakitu poharana ti masarakat urang Éropa. Méh di unggal kasempetan minton, bulé-bulé téh tara henteu standing applause. Kaleprok bari narangtung. Ciri yén maranéhna kacida katajina ku pintonan Tembang Sunda.

Ajat Sudrajat ogé kungsi ngadongéng. Cenah, ceuk dongéngna, hiji mangsa, inyana jeung Ida Widawati minton dina pagelaran Féstival Musik Tradisional di Bologna, Italy, basa taun 2000. Di antara audién, aya salasaurang musisi urang Italy. Saenyana éta musisi téh boga kasakit jantung. Tapi, ku lantaran hayang nyaho nu kumaha ari Tembang Sunda, manéhna maksakeun ngaluuhan Féstival, ku lantaran ngarasa katarik basa ningali rombongan seniman Sunda dina Karnaval nu diayakeun poé kamarina.

Sajeroning ngadéngékeun tembang téa, katingali manéhna teu petot-petot ngalenyepan kalawan daria. Komo palebah petit mah. Rey, bijil késang. Ceuk manéhna, upama ngadéngékeun lagu jenis seriosa mah dina sora tarik téh kadéngéna sok asa ngajelenging. Tapi naha ari ngadéngékeun sora petit dina Tembang Sunda mah bet kalah ngarasa ayem. Bener- bener ieu mah musik jiwa, musik déwa, cenah.

Poé isukna, rombongan seniman Sunda téh ngayakeun pagelaran tembang di kota Roma. Matak hélok, musisi urang Italy nu kamari téa téh bet geus nyampak diuk di jajaran panghareupna. Salila pagelaran, kaciri yén manéhna éstuning ngalenyepan ti lagu ka lagu kalawan daria. Satutas pagelaran, tuluy baé nyampeurkeun sarta ménta idin panitia pikeun ngajamu tuang rombongan para panembang. Ceuk pangakuna, kasakit jantungna dadak sakala cageur alatan kasugemaan batin ku ngadéngékeun tembang Sunda téa. Enya, kitu? Asa piraku manéhna bohong.

Bisana Tembang Sunda ngalanglang ka mancanagara teu leupas ti pangrojong inohong Sunda nu micinta budaya Sunda. Dina kabeneran mangku kalungguhan jadi pejabat, aranjeunna mukakeun lawang ka para seniman pikeun nanjeurkeun ajén budaya Sunda di lingkungan bangsa deungeun. Anu pangonjoyna dina upaya-upaya sarupa kitu, teu bisa dipungkir deui, moal aya nu bisa ngéléhkeun inohong-inohong Bandung. Di mana perlu, aranjeunna mah tara ieuh lebar ngodok tina saku pribadina sorangan keur mekelan urang seni.

Ngan hanjakal,  di kalangan barudak ngora mah pangaresep kana seni tembang Sunda téh geus mimiti ditaringgalkeun. Padahal, mun seug ditanya urusan musik, maranéhna téh pasti wanoh ka ngaran Madona, Britney Spear, Westlife, Ariel Peterpan atawa Sheilla On Seven. Tapi mun ditanya ngaran-ngaran seniman Sunda, can puguh nyahoeun ka Otih Rostoyati, Ayi Satrianah Muhamad, Euis Komariah, Apung S.W, Dadang Sulaeman atawa Didin Bajuri mah. Teungteuingeun. Kawas lain urang Sunda baé. Padahal, urang deungeun mah kapan sakitu ngajénanana kana seni Tembang Sunda téh.

Jadi, mun seug ditengetan, nasib Tembang Sunda téh geus bisa kaasup kana paribasa “Hujan emas di negeri orang, hujan batu di negeri sendiri”.

***

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

Follow

Get every new post delivered to your Inbox.

%d bloggers like this: